Selasa, 25 Maret 2014

CINTA

Puji nu jadi mimiti ngaji (baca al Quran) urang sanggakeun ka dat illahi robbi anu maha suci, puja minangka pamuka carita, urang sanggakeun ka dat alloh swt anu maha kawasa. Rohmat salam pamugi dikucur kocorkeun ka hiji insan, anu bakal jadi bekel bisa nyapaatan dina poean kanalangsaan, yakni muhammad SAW.
Hadirin anu sami sumping, hadirot anu sami amprok ka ieu blog terbitan maali :D dina ieu waktos, simkuring bade sodaqoh hartos, sok sanaos rada haroshos, etang-etang masihan wartos kanu teu acan ngartos, mugia wae aya anu masihan artos ka atm abdi wios ditampi pisan bungah malah haha ? J Muslimin muslimat anu sami angkat kana ieu tempat abdi berbagi wasiat #wuih gaya euy wasiat haha dina ieu waktos simkuring bade nyandak judul CINTA

Cinta mangrupikeun anugrah ti alloh anu kedah dipiara ku urang sararea kunaon simkuring nyarios kitu ? karena banyak orang yang gila karena cinta, sengsara karena cinta itu akibat cinta tak terpelihara, tetapi jikalau kita bisa menjaga rasa cinta itu maka tak sedikit orang bahagia karena cinta, banyak orang jadi kaya karena cinta, dan ada juga orang bunuh diri kusabab cinta eta right ?
Kawan2 anu sami sumping ka ieu blog sareng mudah2an jadi go blog (blogger) maksudna J #wolesthinkposstively,
Tapi simkuring moal ngabahas cinta anu eta komo ari ABG mah da simkuring oge ngartos cinta ABG mah rada labil kaditu kadieu teu pararuguh haha , ari cinta kabagi 3 bagian :
1.      Cinta padati : nyaeta sapertoskeun cintana hiji jajaka ka mojang duka eta mojang ti mana duka ti sumedang, bandung, duka ti majalengka haha, eta cinta datangna sok ngadadak kadang bubarna ge tanpa alesan tapi insyaallah upami cintana simkuring mah leres pisan cintana ge. sareng insyaallah bubarna moal aya alesan J #aminkan sajalah kawan

2.      Cinta sajati : nyaeta cintana nu janten ibu rama kanu janten putra atau putrina nya kitu deui cinta tinu janten putra ka iburamana eta cinta sajati, anu moal laas ka hujanan, moal luntur ka ibunan, moal gedag ka anginan, anu sok dibasakeun, indung bapa ka anak mah tara aya urutna moal aya bapa urut anak atawa urut kolot aya oge urut pamajikan atawa salaki. Lamun ceuk urang sunda mah urut urat anu bareto pernah urat aret. Wkwkwkwkw

3.      Cinta abadi : nyaeta cintana nu janten makhluk kanu janten kholik tegesna. Cintana urang salaku makhluk ka gusti allah SWT, eta cinta abadi anu bakal nyalametkeun dunia akhirat.

Hadirin wal hadirat ti sadaya umat.
Jadi jelas upami urang hoyong gaduh cinta anu nyalametkeun dunia akhirat kedah dumasar kanu ka tilu tadi, nyaeta naon wae anu dipika cinta ku urang, saha wae anu mika cinta ka urang kedah di pondasian ku karena tuhan urang sadayana. Ulah karena harta, tahta, atawa fisik wanitana right ?

Sakitu anu tiasa di bagi ti sim abdi mudah-mudahan seueur manfaatna khususna bagi abdi nyalira umumna kanggo nu maca sadayana #amiinkansajalahkawan     

Ini adalah sama percis sekali yang dibicarakan oleh pak Habiebie pada saat dia meluncurkan filmnya yg berjudul habiebie & ainun, saat itu saya melihatnya di salah satu stasiun TV Pak habiebi membahas ketiga cinta tersebut akan tetapi memakai bahasa indonesia karena beliau adalah orang Makasar bkn orang Sunda. Dan saya mendapatkan ini dari sejak saya umur 8 thn pada saat saya harus mengikuti pidato di PHBI di pengajian. Dan ini adalah hasil karya ustadz Dedi sekarang saya merasakannya dan ditulis ulang oleh saya sendiri. Apa itu cinta padati, sajati, dan abadi terimakasih sebanyak-banyaknya pd ustadz saya di sana mudah2an beliau rizkynya banyak bertambah dan umurnya berkah amiinkan akwan !!! dan kenapa saya menulis ini karena pada umumnya hidup ini adalah untuk berbagi dan khususnya untuk dia yang disanaaaa . siapa kah dia itu ? kita lanjut di sesi selanjutnya :D

makasih 

0 komentar:

 
Powered by Blogger